Senin, 08 Juni 2009

PANINEUNGAN LEMBUR KURING

KAULINAN BUDAK BAHEULA

Hompimpah alihum gambreng........ma ijah make baju rombeng....

Si Asep ucing...... hayu nyumput.......

Asa waas lamun kuring nginget-nginget ka jaman keur leutik, wanci pasosore ngariung diburuan jeung budak tatangga sejena. Panonpoe anu nyaangan pilemburan, sora pepengeng nu mapaes milu mairan barudak nu keur arulin. Aya nu maen engklekan, sodor, gatrik, bulu kucubung jste.

Asa asing pikeun budak ayeuna ngabandungan ngaran kaulinan-kaulinan tadi. Tong boro nyaho kumaha prak-prakanana eta kaulinan, dalah nitenan arana oge can wawuh-wawuh acan.

Beu.... ujang....nyai.... hidep mah geus kawengku ku modernisasi, moal wawuh kanu ngaran kaulinan jaman baheula, moal wawuh kanu ngaran gatrik, sodor, bulukucubung jste. Tapi hidep mah leuwih wanoh kanu ngaran Play Station, Tendo, Sega jeung kaulinan elektronik sejena.

Memang wanci geus ngarobah sagalana. Budaya peradaban modern geus nutupan tradisionalisme, karuhan ari di kota-kota gede mah, ieu waeh di kampung- kampung leutik, desa pasisian geus kalimpudan ku kaulinan anu canggih, jeung geus teu malire hal-hal anu sifatna tradisional.

Leuheung ninggang di jelema anu boga, bisa kabeuli kaulinan-kaulinan modern kitu, ieu anak jelema teu boga, lamun teu ngadat meredih pang meulikeun ka kolotna, taya jalan deui iwal ti nginjeum atawa ka rental. Geus kieu saha anu susah? Urang keneh bae salaku kolotna.

Lamun seug ku urang diwanohkeun deui kaulinan barudak baheula mangsa kiwari sigana mah enteng bangga. Entengna bisa mapagahan bari nitah dipintonkeun, banggana pikeun mapahayu tina barang-barang elektronik hamo bisa pohoeun.

Tapi geus kagok borontok kapalang carambang . Keun wae ari geus wawuh ka barang-barang modern mah, tapi usahakeun ku urang salaku kolotna pikeun ngawanohkeun “kaulinan urang lembur”, itung-itung ngurangan biaya pikeun meulian barang-barang modern tea.

Di handap ieu aya sawatara kaulinan urang lembur baheula anu ku kuring sok dipake ulin harita (Versi Ulin barudak di wewengkon Majalengka)
Gatrik
- Alat nu digunakeun nyaeta dua potong awi atawa kayu anu meunang meulah, anu hiji panjangna kurang leuwih sajeungkal, anu hiji deui mah kurang leuwih satengah meter, lebarna kira-kira 2 cm. Sadiakeun batu atawa bata pikeun neundeun awi anu sajeungkal tea. Kaulinan ieu bisa di ulinkeun ku dua-an, opatan, genepan (pokona mah jumlah jangkep). Jieun kalang ku wates garis pikeun ngalung ka arah panggebugan (Batu/Bata) kurang leuwih jauhna 8 meter. Lamun anu maen jumlahna leuwih ti dua, jieun grup jadi 2 bagian. Cara ulin: teundeun awi anu sajeungkal tea setengahna di sisi batu/bata. Tangtukeun giliran ulin ku cara suten (supados langkung tradisional). Conto umpamana anu grup kahiji giliran mimiti, mangka eta awi di gebug ku awi anu satengah meter tea nepi ka macleng ngaleuwihan kalang, tuluy eta awi anu ngacleng teh disanggap ku lawana. Anu ngagebug tadi gancang lumpat muru kalang saencan eta awi dibaledogkeun kana batu/bata panggebugan ku lawana tea. Lamun grup ka hiji eta lumpat can nepi kalang, tapi awi geus miheulaan keuna kana batu panggebug, mangka eta grup ka hiji eleh. Poin bisa diitung gumantung eleh meunangna anggota pamaen.
Ucing Sumput Bulu Kucubung.
- Nyaeta kaulinan anu bisa diulinkeun ku jumlah anu saloba-lobana. Alat anu digunakeun nyaeta ukur potongan tawengkar (Beulahan leutik kenteng peupeus) anu di tumpukeun, batu pikeun tincakeun panapelan.
Tangtukeun anu bakal jadi ucing ku cara hompimpah. Saenggeus aya anu pasti jadi ucingna, tuluy sina meungpeun supaya anu sejen nyumput nepi ka itungan sapuluh. Si Ucing neangan anu nyumput hiji-hiji tapi kudu bisa ngajaga tumpukan tawengkar ulah nepi ditapuk ku batur kucara nincak batu panapelan. Lamun anu nyumput aya kasempetan napuk tawengkar tapi suku si ucing kaburu nincak batu, mangka eta nu nyumput beunang. Lamun anu nyumput kapanggih ku si ucing bari nyebut “hong si.....(sebutkeun arana) mangka eta nu nyumput jadi patalukan si ucing. Sanajan patalukan geus loba, tapi aya anu nyalametkeun ku jalan napuk tumpukan tawengkar sabot si ucing balangah jeung jauh tina batu panapelan, mangka sakabeh patalukan kudu nyumput deui, Si Ucing angger jadi ucing deui. Lamun beunang kabeh, giliran anu pangheulana kapanggih kudu jadi ucing. (gampang nya......?)
Engklekan
- Nyaeta kaulinan nincak sajumlah kotak anu digambar dina taneuh, atawa palataran sejena ku cara engklek (Luncat make sabeulah suku). Gunakeun barang anu demprak leutik(Contona Tawengkar) pikeun alat ngalung ka kalang kotak. Lamun kalang geus kapapay kabeh, tawengkar dialungkeun bari nukangan kalang. Nilai angka gumantung kana kotak ka sabaraha eta tawengkar ragrag. Nilai angka anu panggeda jumlah eta nu meunang.

Masih rea keneh conto-conto kaulinan barudak urang lembur, ieu mah ukur gambarana wungkul. Insya Allah engke dina artikel anu salajengna baris dipedar deui.Caag ah.....!

Rabu, 04 Februari 2009

SAHA ARI URANG SUNDA TEH?

Si Kabayan…urang sunda,
Urang sunda lain si Kabayan
Si Kabayan…Urang Sunda
Urang sunda ulah jadi Si Kabayan……jst


Eta salah sahiji anggitan tembang pop sunda anu dihaleuangkan ku kang Doel Sumbang. Tetela sanajan urang teh nyicingan tatar pasundan tapi urang sok poho padumukan anu dicicingan ku urang. Wanci anu ngagiridig, jaman anu geus nalipak ngalebuh pikiran jeung ingetan urang anu kasipuh ku budaya deungeun akibat dikadalian ku modernisasi. Jati kasilih ku junti, pindah adat pindah pileumpangan kusabab pangaweruh kasundaan anu meh leungit ajen pinajen dina hirup kumbuh sapopoe. Emh….teungteuingen, karunya nasib ki Sunda nu dianggap panyesaan. Lain hartina ulah ngigelan mangsa kiwari, tapi sok sanajan ngindung ka waktu mibapa ka jaman ulah rek poho kana jati diri salaku urang sunda.

Ditalungtik asa matak sedih kingkin ngaguar pasualan barudak kiwari, anu teu wawuh kanu ngaran calung, bangreng, jaipongan, gondang, kacapi jst. Ku kituna mah pantes, urang salaku kolotna teu daek ngawanohkeun kasenian-kasenian sunda anu antukna barudak ayeuna geus ngiblat ka bangsa deungeun, poho kanu adat kasundaan.

Simbul sunda teh nyaeta si Kabayan……tapi lamun ku urang ditengetan sacara falasifah, mere beja yen urang sunda teh ulah siga si Kabayan anu karesepna ulin, ngedul barang gawe jeung carekeun batur. Tapi kudu sabalikna, lamun embung disebut si Kabayan, urang kudu giat migawe hal-hal anu sifatna ngawangun ajen nagri, getol usaha jeung teu kaleked kana gawe.

Urang kudu boga tekad, hiji waktu mah urang ngabalikeun fakta, ulah urang anu ngiblat ka budaya asing, tapi bangsa deungeun anu kudu ngiblat ka budaya urang…Iraha atuh nya…………???

Selasa, 30 Desember 2008

NGIRING NGAMUMULE BUDAYA SUNDA

Sampurasun……..
Simkuring nuju ngawitan nyusun artikel ngeunaan kasundaan pikeun ngiring ngarojong ngamumule Ki Sunda anu meh kagiridig wanci, katalipak jaman. Pamugi aya mangfaatna pikeun balarea anu ngarumaoskeun urang Sunda…..,

Kamarana yeuh urang sunda? Diantos wae ah……….